:

Kidung Agung 4

1

\it Nonoman:\it* Ku geulis enung, jungjunan! Soca enung sakitu dicindung, tembong cureuleuk nyengcelak. Rambut ombak-ombakan lir embe-embe keur tarurun ti pasir-pasir Gilad.

2

Waos enung bodasna tinanding domba-domba anu nembe dimandian tas dicukuran, pepek jangkep beres roes, taya cocengna.

3

Lambey enung beureum lir rara sakelat, ana emut sasauran ku lucu matak tibelat. Damis enung ngalangkang jeroeun cindung.

4

Tenggek enung mulus lir munara Daud, rantuyna kangkalung enung sarupi sarebu kepeng nu ngagarantung.

5

Pinareup lir dua uncal bikang, uncal kembar nu keur nyaratuan di tegal bakung.

6

Engkang rek ngarereb di pasir emur, di pasir menyan, tepi ka bray beurang, poek kasilih ku caang.

7

Ku geulis enung, jungjunan; estu taya kuciwana!

8

Yap enung panganten, jeung engkang urang miang ti Pagunungan Libanon, urang sareng ti Libanon. Yap lungsur ti puncak Gunung Amana, ti Gunung Senir jeung ti Gunung Hermon, tempat singa reujeung kerud.

9

Paneuteup enung, duh rayi panganten, katut kangkalung na tenggek enung, geus ngabandang hate engkang.

10

Kadeudeuh enung ka engkang, estu ni’mat karaosna, duh enung, rayi panganten. Kacinta enung karasana langkung ni’mat ti batan anggur, seuseungitan enung langkung leleb ti batan wawangian lianna.

11

Lambey enung semu amis lir madu, ilatna nyakclakan susu jeung madu. Raksukan nyebarkeun seungitna Gunung Libanon.

12

Kakasih engkang rayi panganten, ibarat taman tutupan, nu dikikis sakuriling, lir cinyusu nu dipager.

13

Pinuh ku pepelakan, lir pakebonan dalima, nu buahna pangeunahna. Kitu deui kembang pacar, akar wangi,

14

jahe, koneng, tiwu, kayu manis, kitu deui rupa-rupa menyan. Emur, kayu garu, jaradi di dinya, katut rupa-rupa wawangian nu pangseungitna.

15

Cinyusu ngaburial nyaian eta kebon, kitu deui susukan, ngagolontor ti Pagunungan Libanon.

16

\it Wanoja:\it* Hudang, he angin kaler, angin kidul, tiup kebon kuring, sina nyambuang seungitna. Muga-muga kakasih kuring sumping ka kebonna, sarta nuang bubuahan nu pangeunahna.

Link: